Minggu, 25 Oktober 2015

Riwayat Singkat Ngadegna Pesantren Al-Muawanah Lebakwangi (Titel : Sunda Bag.1)

Nyukcruk galur kapungkur mapay laratan baheula, nyobi muka turub sumbul sajarahna psantren Lebakwangi, manawa sareng manawi henteu tebih jeung nyatana.

Kajurung ku niat nu tos lami dikandung, cita-cita nu tos lami diseja, binarung jeung pamunutna para alumni santri Lebakwangi hoyong uninga sajarah ngadegna Pondok Pasantren Al-Muawanah Lebakwangi.

Di Kampung Kiarakoneng, Desa Pangadegan, Kacamatan Pagelaran, Kabupaten Cianjur aya pasantren anu di sesepuhanan ku Bapak Hannan sareng Ibu Hawa. Dina tahun 1887 M. kagungan putra wastana Muhammad Gozali. Ibu Hawa Pupus, Bapak Hanan nikah ka Ibu Eca.

Dina mangsa dewasa Muhammad Gozali masantren ka Pasantren Kopo (Cianjur), Cijerah (Bandung), Ganasoli (Sukabumi). Di Ganasoli nikah ka Neng Emun, lajeng dicandak ka Kiarakoneng. Mung teu lami, teras papirak, teras nikah deui ka Neng Inin. Kagungan putra dua, nyaeta Sulaeman sareng Nawawi.

Alam harita nu jadi lurah desa Pangadegan Jenenganana Raden Bratadireja (Juragan Bintang) putra Juragan Rangga anu janten Wadana Cisanawut Cililin Bandung. Nikah ka Enden Reksa putra Raden Ardipura lurah hormat desa Pangadegan. Raden Adipura teh wargi juragan Rangga, dupi nu jadi juru tulisna teh Raden Wiradireja rayi misan juragan Bintang. Linggihna di Santiong anu pernahna leresan SD Parigimukti ayeuna. Juragan Bintang hoyong gaduh kagungan pasantren oge milarian jalmi, anu  diperyogikeun kanggo ajengan nana.
Dina hiji waktos juragan Bintang badanten sareng Raden Wiradireja, Raden Machmud, Muhammad Gozali rawuh sumping. Kaputusan nana Muhammad Gozali dijantenkeun sesepuh pasantren, pitempateunana dipaparin tanah di Lebakwangi ayeuna. 
Muhammad Gozali harita teh nuju lalagasan teras ditikahkeun ka Raden Ny Maemunah (Ibu Emun) putra Raden Wiradireja.

Bersambung...
Sejarah Bagian ke-2 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar